Minggu, 23 Januari 2011

Catetan hirup di Sunda 2009

dipost oleh e_vita_rumii di 03.28
asa inget dua taun katukang, basa kuring jeung babaturan rariweuh nguruskeun kuliah, rieut ku milih kampus, oge milih jurusan. enya ari hayang mah da kuliah teh ka kedokteran wae (ari asup mah :D ), tapi da kumaha ari beaya na sagunung mah? duit timana atuh, da pun bapa mah mung saukur guru es-de. 

Naon cenah 'guru', tah ti dinya, dipilih we tah kuliah teh di UPI wae,,ngarah jadi guru. Cenah awewe mah 'pas' jadi guru teh, ngarah jaga teh salaki kaurus, budak ka urus, jaba panghasilan boga. Tungtungna mah cup we tah UPI teh kapilih,  ayeuna rieut mikir jurusan anu cocok, enya da kudu nu cocok, sabab kuring mah apan jelemana geringan, teu kaop stress eta si asma teh tuluy wae nyerang,,,,,,jadi we nu kapilih teh jurusan pendidikan bahasa daerah sugan cenah teu stress teung ari teu cara di MIPA anu lolobana praktek mah.

alhamdulillah,,,meunang hese asup kuliah teh teu langsung asup kawas batur, milu PMDK teu asup, milu ujian-ujian ka sababaraha PTN teu asup,,(aneh padahal mah asa teu bodo-bodo teuing da atuh kuring teh), asup-asup teh liwat jalur SNMPTN apan kawilang murah asupna ku SNMPTN mah teu cara UM (padahal UM ge miluan, tapi keukeuh teu asup) cigana mah Pangeran teh nyaaheun ka pun Bapa.

Ari kiwari geus asup, asana teh ERA, era make bet wawanian asup ka jurusan basa sunda, na naon atuh kabisa kuring dina widang kasundaan? gening batur mah jarago, aya anu jago kana senina aya oge kana widang sastrana, ai kuring bisa naon atuh??? da asup ka jurusan sunda teh ngan ngandelkeun karesep, resep kana sastra sunda, resep kana maca, eta ge teu cara batur anu geus pernah maca rupa-rupa bacaan, ai kuring mah apan maca ge sakur maca mangle, seni budaya, jeung koran galura we, maca sarupaning buku-buku novel atawa kumpulan carpon mah asa can pernah, maca teh sempalan na we hungkul nu sok aya dina buku pangajaran sakola, osok aya eta ge kahayang maca carita nu lengkepna tapi da kumaha atuh di perpustakaan teh tara aya buku-buku sunda, rek meuli, meuli dimana da di Sumedang mah asa euweuh nu dagang buku2 sunda teh, intina mah susah we nyalurkeun kahayang maca teh. Inget ketah mimiti resep kana maca carita-carita basa sunda teh basa keur di SMP, di perpustakaan teu kahaja nimu novel sunda judulna teh Katineung beunang Holisoh ME, cigana mah hiji-hijina novel sunda nu aya di perpustakaan eta teh da barang ditanyakeun ka pustakawan didinya teh cenah euweuh deui. Enya ngan sakitu 'modal' kuring asup ka jurusan sunda teh.

Barang geus ngamimitian diajar teh,, kuring nyarita ka pun bapa, dosen teh ieu ieu ieu, ari saur pun bapa teh atuh eta mah sadayana ge anu osok nyerat dina Mangle, seratanana seueur dina Mangle, enyaan we barang ditempoan deui dina mangle teh gening dosen kuring teh 'artis' mangle ma'lum da ai kuring mah maca teh sok maca we karyana tara ieuh ditempoan pangarangna saha. 

Euh, beuki era asana teh cicing di jurusan sunda teh, tapi ayeuna mah beda da katambahan ku aya kahayang jadi saperti Dosen-dosen kuring, anu barisa nulis kabeh ge. Tapi kuring mah ketah karek boga dua carpon, hiji sajak, (eta ge pedah we keur nyumponan tugas,) katambah weh ku ieu sakotret catetan.

Nya mugia we kahareupna bisa tuluy nulis meh bisa jadi 'artis' Mangle ciga dosen-dosen kuring.
aaamiiin.
cag ah,

2 masukan:

Unknown mengatakan...

Maca postingan di luhur, jadi milu nineung yeuh kana lalampahan harita asup ka Jurusan Sastra Sunda UNPAD ;-) Tetap semangat, nya.... Insya Allah, sagala rupi nu jadi udagan Ayi (punten nga-ayi-keun, nya)mugia tinekanan. Margina, pamiangan Ayi lebet ka Jurusan Basa Sunda UPI teh sae pisan. Kapan mun urang melak cabe, tangtuna jadi cabe. Sanes kitu?

e_vita_rumii mengatakan...

Htur Nuhun Kang (punten nga-Akang-keun, hehehe)....
leres pisan,,mugia we,,

Posting Komentar

 

Dear Diary Template by Ipietoon Blogger Template | Gadget Review