Minggu, 17 April 2011

Artis Manglé

dipost oleh e_vita_rumii di 23.11

“Min cik pangnéangankeun ondangan ti Ua jang Ibu Juariah, aya dina laci asana mah.” Ceuk ema ka kuring.
Barang ngoréhan laci bréh téh aya kartu peserta ujian ti sababaraha paguron luhur. Asa inget dua taun katukang, basa kuring jeung babaturan rariweuh nguruskeun kuliah, rieut ku milih kampus, ogé milih jurusan. Enya ari hayang mah da kuliah téh ka kedokteran waé,  tapi da kumaha ari béayana sagunung mah? Duit timana atuh, da pun bapa mah mung saukur dosen inprés alias guru és-de téa. Ari pun bapa mah nitah sangkan kuring teh kuliah di keguruan baé ngarah engkéna jadi Guru, da pajarkeun téh awéwé mah ‘pas’ jadi guru téh, ngarah jaga salaki kaurus, budak kaurus, jaba panghasilan boga. Saenyana mah embung kuliah di Keguruan téh da rumasa teu bisa nerangkeun ti baheula gé, mun babaturan nanyakeun PR ogé sok kalah rieut komo ari nu nanyana teu ngarti waé mah kesel nu aya. Tapi rék kumaha deui, kuring gé ngarti tur surti kana kaayaan kolot sorangan siga kumaha, katambah-tambah bébéné haté mangsa harita ngajujurung kuring sangkan kuliah di keguruan, da manéhna ogé milih kuliah di keguruan, minat pisan tuda manéhna mah, ongkoh indung bapana gé Guru. Sarua alesan na téh jeung bapa kuring, pajar téh awéwé mah alus jadi guru heug jaga téh meunangkeun guru deui ngarah loba waktu jang paduduaan cenah. Enya harita mah keur layeut jeung manéhna asa kasumangetan milih kuliah di keguruan.
Meunang hésé asup kuliah téh, teu langsung asup kawas batur. Kuring mah milu PMDK teu asup, milu ujian-ujian ka sababaraha paguron luhur ogé teu asup, anéh puguh gé padahal mah asa teu bodo-bodo teuing da atuh kuring téh, guru-guru gé nganaha-naha malah mah kuring can asup waé ka paguron luhur téh. Cigana mah stres pédah harita pepegatan jeung si manéhna, meujeuh mah harita sumanget kuliah di Keguruan téh ku manéhna, ieu kalah pepegatan atuh boro-boro konséntrasi diajar jang milu ujian dalah rék dahar gé teu napsu-napsu acan. Asup-asup ka UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah liwat jalur SNMPTN, Alhamdulillah apan kawilang murah asupna ku SNMPTN mah teu cara UM, padahal UM gé miluan, tapi keukeuh teu asup, cigana mah Pangeran téh nyaaheun ka pun Bapa. Najan kuring budak hiji-hijina gé da harita mah kulawarga téh keur werit ku duit, angger wé lieur rék nyakolakeun téh.

Ari kiwari geus asup, asana téh ERA, éra maké bet wawanianan asup ka Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah (Jurusan Basa Sunda, da sabab UPI aya di wilayah Priangan, Bandung), na naon atuh kabisa kuring dina widang kasundaan? Geuning batur mah jarago, aya anu jago kana senina aya ogé kana widang sastrana, ai kuring bisa naon atuh? Da asup ka jurusan sunda teh ngan ngandelkeun karesep, resep kana sastra sunda, resep kana maca, eta gé teu cara batur anu geus pernah maca rupa-rupa buku saperti novel atawa kumpulan carpon, ogé nepi ka apal pangarang-pangarangna saha, ai kuring mah apan maca gé sakur maca Manglé, Seni Budaya, Cupumanik jeung koran Galura wé, éta gé bawa pun bapa ti sakolana da pun bapa téh sok pirajeuneun mawa Koran jeung majalah Sunda da apaleun budakna resep maca tur sangkan kuring bisa nulis bisa jadi pangarang cenah. Maca sarupaning buku-buku novel atawa kumpulan carpon kitu mah asa can pernah, maca teh sempalan na we hungkul nu sok aya dina buku pangajaran sakola, osok aya éta gé kahayang maca carita nu lengkepna tapi da kumaha atuh di pabukon sakola téh tara aya buku-buku sunda, rék meuli, meuli dimana da di Sumedang mah asa euweuh nu dagang buku-buku sunda mah, intina mah susah wé nyalurkeun kahayang maca téh. Inget kétah mimiti resep kana maca carita-carita basa sunda téh basa keur sakola kenéh di SMP, di pabukon teu kahaja nimu novel sunda judulna Katineung beunang Holisoh ME, sigana mah hiji-hijina novel sunda nu aya di pabukon éta da barang ditanyakeun ka pustakawan didinya téh cenah euweuh deui. Enya ngan sakitu tah 'modal' kuring asup ka jurusan sunda téh.
Geus jadi kabiasaan kuring, sok cumarita naon baé anu kalakonan kanu jadi kolot, komoning ieu pangalaman mimiti ngumbara di dayeuh Bandung, mimiti nyobaan jauh jeung kolot da kapan kuring mah budak hiji-hijina téa tara ieuh jauh jeung kolot dalah mondok teun dulur gé embung kuring mah ari lain jeung kolot mah. Hiji waktu nalika kuring balik ka lembur, kuring nyarita ka pun bapa, dosén téh diantawisna aya Ibu Retty Isnendes, Ibu Ruhaliah, Bapa Dede Kosasih, Bapa Dingding Haerudin, ari saur pun bapa téh atuh eta mah sadayana gé anu osok nyerat dina Manglé, seratanana seueur dina Manglé, enyaan wé barang ditempoan deui dina manglé teh gening dosen kuring téh 'artis' manglé ma'lum da ai kuring mah maca téh sok maca karyana wéh tara ieuh ditempoan pangarangna saha. 
Euh, beuki éra wé asana teh cicing di jurusan sunda, tapi ayeuna mah beda da katambahan ku aya kahayang jadi saperti Dosen-dosen kuring, anu barisa nulis kabeh gé. Tapi kuring mah kétah karek boga dua carpon, hiji sajak, éta gé pedah we keur nyumponan pancén. Nya mugia we kahareupna bisa tuluy nulis méh bisa jadi 'artis' Mangle siga dosén-dosén kuring ogé bisa nyumponan kahayang nu jadi kolot. Mugia Allah maparin jalan.
“Heh Imin ngadon nghuleng atuh. Kapanggih hanteu ondangan téh? Buru anteur Ema ka Jatinangor yu sakeudeung, urang mikeun éta ondangan!” Ceuk indung kuring.
Kuring nu keur jongjon ngalamun ngarénjag barang digebah ku Ema téh.
“Muhun Ma, ké Imin rék ganti baju heula.” Walon kuring.
Teu lila biur we kuring nganteur Ema ka Jatinangor, najan asa tunduh ogé dipaksakeun da karunya ka nu jadi indung melang ari iinditan sorangan geus maju kasorénakeun téh.
Kuring teu apal kumaha kajadianna, da sakainget mah basa kuring mawa motor téh bari lelenggutan. Ayeuna kuring geus ngajoprak di rohangan Rumah Sakit, karasa sirah  nyanyautan. Katempo aya Bapa, Wa Haji, jeung Bi Eméh anu nungguan kuring, barang arapaleun kuring sadar maranéhna nyampeurkeun. Bapa teu sirikna nyiuman kuring.
“Sing sabar nya Cu.” Ceuk bapa.
Barang rék nanyakeun naon anu kajadian, sora kuring euweuhan. Ceuk bapa kuring jeung ema téh cilaka di Cadas Pangéran, motor kuring katubruk ku Beus, ema teu katulungan waktu rék dibawa ka Rumah Sakit. Ari kuring palebah sirah tidagor kana aspal nepi ka pendarahan dina uteuk anu nyababkeun kuring ayeuna pireu. Ngadénge kitu, ngan cimata anu jadi simbol peurihna haté.
Kuring eureun kuliah. Di imah gawéna ngan ngalamun bari sakapeung kutak-ketik ngébréhkeun kumaha peurihna haté kuring kana runtuyan kecap. Ceuk bapa mah tulisan kuring téh alus, anteb kana haté, beu gening bapa téh sok pirajeuneun macaan tulisan kuring. Bapa nitah sangkan tulisan-tulisan kuring dikirim ka Manglé susuganan we dimuat cenah. Kuring nurut. Alhamdulillah saminggu ti harita téh tulisan kuring dimuat. Tungtungna jadi beuki resep kana nulis, ongkoh baheula gé apan resep kana nulis téh katambah-tambah ayeuna mah sabada basa lisan teu bisa deui dilakonan, basa tinulis téh jadi basa anu utama dina kahirupan kuring. Karangan kuring geus loba anu dimuat, méh unggal édisi aya tulisan kuring. Nyaan geuning du’a kuring tinekanan, Allah maparin jalan pikeun kuring bisa nulis, bisa ngarang, bisa jadi artis Manglé, najan jalanna pinuh ku cucuk rungkang. Peurih.

0 masukan:

Posting Komentar

 

Dear Diary Template by Ipietoon Blogger Template | Gadget Review