“Min cik pangnéangankeun ondangan ti Ua jang Ibu Juariah, aya dina laci asana mah.” Ceuk ema ka kuring.
Barang ngoréhan laci bréh téh aya kartu peserta ujian ti sababaraha paguron luhur. Asa inget dua taun katukang, basa kuring jeung babaturan rariweuh nguruskeun kuliah, rieut ku milih kampus, ogé milih jurusan. Enya ari hayang mah da kuliah téh ka kedokteran waé, tapi da kumaha ari béayana sagunung mah? Duit timana atuh, da pun bapa mah mung saukur dosen inprés alias guru és-de téa. Ari pun bapa mah nitah sangkan kuring teh kuliah di keguruan baé ngarah engkéna jadi Guru, da pajarkeun téh awéwé mah ‘pas’ jadi guru téh, ngarah jaga salaki kaurus, budak kaurus, jaba panghasilan boga. Saenyana mah embung kuliah di Keguruan téh da rumasa teu bisa nerangkeun ti baheula gé, mun babaturan nanyakeun PR ogé sok kalah rieut komo ari nu nanyana teu ngarti waé mah kesel nu aya. Tapi rék kumaha deui, kuring gé ngarti tur surti kana kaayaan kolot sorangan siga kumaha, katambah-tambah bébéné haté mangsa harita ngajujurung kuring sangkan kuliah di keguruan, da manéhna ogé milih kuliah di keguruan, minat pisan tuda manéhna mah, ongkoh indung bapana gé Guru. Sarua alesan na téh jeung bapa kuring, pajar téh awéwé mah alus jadi guru heug jaga téh meunangkeun guru deui ngarah loba waktu jang paduduaan cenah. Enya harita mah keur layeut jeung manéhna asa kasumangetan milih kuliah di keguruan.
Meunang hésé asup kuliah téh, teu langsung asup kawas batur. Kuring mah milu PMDK teu asup, milu ujian-ujian ka sababaraha paguron luhur ogé teu asup, anéh puguh gé padahal mah asa teu bodo-bodo teuing da atuh kuring téh, guru-guru gé nganaha-naha malah mah kuring can asup waé ka paguron luhur téh. Cigana mah stres pédah harita pepegatan jeung si manéhna, meujeuh mah harita sumanget kuliah di Keguruan téh ku manéhna, ieu kalah pepegatan atuh boro-boro konséntrasi diajar jang milu ujian dalah rék dahar gé teu napsu-napsu acan. Asup-asup ka UPI Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah liwat jalur SNMPTN, Alhamdulillah apan kawilang murah asupna ku SNMPTN mah teu cara UM, padahal UM gé miluan, tapi keukeuh teu asup, cigana mah Pangeran téh nyaaheun ka pun Bapa. Najan kuring budak hiji-hijina gé da harita mah kulawarga téh keur werit ku duit, angger wé lieur rék nyakolakeun téh.