“Mah Oji palay disunatan atuh siga réréncangan Oji, tuh Si Dédé”
“Teu sieun kitu Oji?”
“Maké sieun sagala ari Si Mamah, puguh Oji mah hoyong, ngarah dipangmésérkeun sapédah sapertos Dédé”
Kuring ukur mésem ngadéngé budak ngarenghik waé ti kamari hayang disunatan téh. Dasar budak, ngarah hadiahna waé, baruk disunatan téh teu nyeri kitu?
Oji, budak kuring umurna méh tujuh taun, ayeuna geus sakola kelas hiji SD. Alhamdulillah boga turunan keur hiji-hijina téh soléh. Oji téh hiji-hijina tawis kaasih tanda kanyaah ti bapana, salaki kuring téa. Oji geus teu boga bapa, bapana maot basa manéhna umur lima bulan dina jero rahim kuring, alatan kasakit hépatitis. Kuring harita méh ampir-ampiran gélo, rék teu kitu kumaha tuda kuring téh nyaah pisan kanu jadi salaki, keur mah harita kuring keur kakandungan budak manéhna.
“Mah, Mah, atuh ngadon ngalamun, iraha atuh Mah Oji badé disunatan téh?”
Kuring kagareuwahkeun ku Oji anu hayoh waé ngarenghik ngénta disunatan.
“Enya engké nya, urang badantenkeun heula sareng Enin.”
“Muhun atuh, tapi énggal nya mah!”
Oji teu sirikna dipupusti ku kuring téh, ku Ema ogé, sigana téh béda wé ka Oji mah teu cara ka incu-incuna nu séjén, hayang nanaon sagala ditendunan. Kuring ngagedékeun Oji sorangan, euweuh pangrojong ti nu jadi salaki, untungna boga indung téh ngarti tur surti kana posisi kuring da apan sarua ema gé sarua geus ditinggalkeun ku salakina. Enya, bapa kuring téh tilar dunya saméméh kuring ngahiji jeung Kang Dana, bapana Oji.
“Mah, Mah, ari Bapa mun Oji disunatan bakal sumping moal Mah? Apan Bapa téh tos lami teu pendak sareng Oji, meureun upami putrana disunatan mah ku Allah ogé diwidian sumping atuh Mah. Maenya Bapa teu sumping mah, geuning Bapana Si Dédé ogé aya maturan basa itu téh. Oji gé palay dibaturan ku Bapa atuh Mah.”
Kuring ngagebeg waktu Oji nyarita kitu.
“Oji, kupingkeun Mamah. Bapa hidep mah aya dina haté Oji, ogé dina haté Mamah, Oji tong sieun, Bapa mah unggal poé, unggal waktu gé maturan Oji, maturan Mamah. Najan Oji teu tiasa ningal rupa Bapa siga kumaha gé apan Oji kantos ningal tina foto Bapa téh siga kumaha. Sing inget Bapa hidep najan geus teu kumelendang di ieu alam, tapi Anjeunna tetep hirup dina haté Oji ogé haté Mamah.”
“Oh kitu Mah? Muhun atuh, teu nanaon Bapa teu sumping ogé, apan Bapa mah aya didieu.” Tembal Oji bari nunjuk kana dadana.
Emh, ngangres ngadéngé jawaban budak siga kitu. Soléh budak téh, nurut kana omongan kuring, tara loba paméntana. Pernah kétah sakali mangsa ngarenghik waé hayang panggih jeung bapana, hayang ka Pasar Malam bari digagandong, hayang diajak jajan harum manis ku bapana da éta basa indit ka Pasar Malam jeung kuring, panggih jeung babaturanana keur digagandong ku bapana bari mamawa harum manis. Ku kuring ukur ditémbongan foto bapana bari dibébénjokeun engke lamun Allah ngawidian bapa gé bakal nepungan, ngajak Oji ka Pasar Malam. Deudeuh teuing anaking keun tong teuing melang komo deui hariwang, najan euweuh Bapa, didieu aya mamah, sapanjang mamah kumelendang kénéh di ieu dunya mah, mamah siap toh pati jiwa raga pikeun ngagedékeun hidep nepi jaga hidep rumah tangga, jadi pamingpin. Mugia Allah maparinan mamah umur nepi ka hidep bagja ngawayuh rumahtangga, kawin jeung awéwé anu dipikaasih.
Teu karasa geus duapuluh taun tiharita, kuring ngurus Oji, asa cikénéh manéhna ngarenghik hayang disunatan téh. Isukan Oji geus lain kawajiban kuring. Manéhna rék ngambah sagara rumahtangga. Da sabada bérés kuliah téh manéhna langsung diangkat jadi PNS, siga bapana baheula, tapi teu langsung hayang kawin harita téh, da pajarkeun hayang ngabagjakeun heula nu jadi indung.
Nina, pipamajikaneun Oji téh urang Bandung. Tepung jeung Oji basa sarua KKN di Garut. Nina téh geulis ceuk kuring mah, rancunit, pas lamun nyanding jeung Oji anu pangawakanana tegep, kasép, siga bapana.
“Mah, tingal kasép teu?” ceuk Oji bari dangdak-déngdék mapantes jas hideungna di hareupeun kaca.
“Nya kasép atuh, putra Mamah téa.” Walon kuring.
“Ah Mamah mah, angger sok muji waé téh.”
“Na alim kitu dipuji ku Mamah? Apan Oji téh putra Mamah hiji-hijina, badé muji saha deui atuh ari sanes muji Oji? Da jeung saenyana atuh Oji mah kasép, tegep.”
“Ah, Si Mamah pangambung Oji ngapung geura yeuh, nuhun nya Mah,” Bari celengok téh manéhna nyium Kuring pinuh ku kanyaah.
“Mah, Bapa bagja moal nya gaduh putra kawas Oji anu sakitu bageur tur kasépna?” ceuk manéhna muji dirina sorangan.
“Pasti bageur, pasti. Bapa hidep pasti bagja ningal Oji janten budak anu bageur jeung soléh, kasepna mah puguh atuh apan turun ti Bapa anu sakitu gantengna.”
“Muhun nya Mah, mugia Bapa bagja di aherat.”
“Aamiin.” Tembal kuring.
Dijalan Oji elesekeng teu puguh, geumpeur kituna mah pangantén téh. Alhamdulillah, akad nikah lumangsung kalayan lancar. Katingal paroman pangantén téh sakitu bagjana, cahayaan. Oji kasép, Nina geulis, nurub cupu ceuk kolot baheula téa mah.
Sarérésna akad jeung resépsi. Kuring ngobrol jeung pangantén.
“Mah, basa akad, Oji ningal Bapa ngagupayan bangun ku nyaah, paromanana katingal bagja,”
Kuring ngagebeg.
“Teras asa aya nu ngaharéwos, kieu unina, ‘Bral jungjungan, Bapa didieu sakur bisa ngadu’a, mugia hidep duaan bisa ngawangun kulawarga anu sakinah, mawaddah jeung rohmah. Sing teteg teu galideur dina nyorang sagara rumah tangga. Runtut raut sauyunan, silih simbeuh ku kadeudeuh, silih kojayaan ku kanyaah. Wilujeng jungjunan. Wilujeng.’ Enyaan geuning Mah Bapa téh sakitu nyaahna ka Oji”
Kuring teu bisa ngajawab nanaon. Ngan cimata nu ngembeng na ngongkolak panon.
***
.jpg)
0 masukan:
Posting Komentar