Aya awéwé nu keur paduduaan jeung lalaki di taman Isola, maranéhna silih teuteup bangun ku geugeut. Celengok téh Si Lalakina nyium taar awéwéna, nyacapkeun kasono nu tan watesan, katempo bangun nyaahna. Ti kajauhan kuring jeung si kaka imut.
***
Unggal tempat tos dipapay
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug weléh teu aya
Manehna taya laratan
Unggal beja nu katampa
Dijugjug weléh teu aya
Kembang-kembang ka tresna
Nu kungsi nyambuang
Ukur tinggal waasna
Nyeungitan lamunan
Asa cop pisan jeung éta lagu, unggal kadéngé unggal nginghak ceurik kanyenyerian sugan mah Yayan Jatnika téh nyiptakeun lagu éta éstuning pikeun soundtrack jang sékénario kahirupan kuring. Kaka na kamana atuh Si Kaka téh, bet ku téga ninggalkeun kuring, pajar lamun geus nanyaan rék tuluy ngawin. Kaka, ieu getih nu aya di diri kuring na rék dikamanakeun? Beuki lila mah geus moal bisa disumput salindungkeun deui, beuki dieu beuteung beuki melendung. Gusti.
Geus ditéang ka tempat gawéna, euweuh. Ditéang ka imahna, euweuh. Ditéang ka pangulinanana, keukeuh teu kapanggih laratanana, ka Isola tempat urang silih cacapkeun kasono ogé suwung. Kaka cenah jangji moal sulaya, kembang-kembang katrésna nu kuduna mangkak geuning naha bet maluguran, teu hujan teu angin. Kaka, asa lain Kaka nu kieu mah, iraha teuing atuh Kaka sulaya, ti baheula gé tara, nu kitu mah lain gé Kaka. Asa cikénéh atuh kuring diajak ka taman Isola, manéhna neuteup anteb leleb nembongkeun asihna, sok tuluy celengok nyium taar, geugeut. Ah, Kaka, pimelangeun waé, euweuh béja euweuh carita, na ari Kaka kamana atuh. Ieu beuteung beuki beukah, budak Kaka ieu téh Ka, budak Kaka, na Kaka teu inget kana kalakuan nista Kaka, Ka piraku Kaka téga ka Enung, pajar rék nuyun Enung ka Balé nyungcung, gening ditunggu-tunggu kalah suwung.
“Ieu Nung, Kaka didieu, hampura Kaka.”
Kadéngé haréwosna Kaka awor jeung sora hujan, anu ngaririncik ti pasosore mula.
“Kaka? Kaka dimana?”
“Mah, bieu mamah ningal Si Kaka henteu? Geuning bieu ngaharewos ka Enung?”
“Emhh, geulis deudeuh teuing.” Tembal ema bari katembong carinakdak.
“Na ari Emah bet ceurik sagala, Si Kaka kamana Emah si Kaka?”
Ditanya kitu téh ema ceurik kalah beuki ngabanginging bangun kanyenyerian. Nyeri kituna mah, nempo budak bubureuyeungan bari jeung teu boga salaki. Nyeri nempo budak kameumeutna ngan ngalamun baé bari jeung sakapeung nginghak ceurik teu beunang diupahan, sakapeung belenyéh imut bangun ku bungahna. Wirang nempo budak méh deukeut-deukeut ka teu waras.
Ari Bapa, Bapa mah geuning barang apal kuring reuneuh ku Si Kaka gé ngadon nampiling sataker kebek siga lain ka budak awéwé, Si Kaka nu harita balaka yén geus merkosa kuring gé teu sirikna rék dipaéhan. Kuciwa kituna mah Bapa téh, tuda dikuliahkeun jauh-jauh ka dayeuh Bandung téh geus puguh keur nyiar luang lain keur ngawiwirang kawas kieu. Apal kuring gé Bapa téh nyaaheun pisan, teu sirikna dipupusti atuh kuring mah, ongkoh deuih teu boga dulur teu baraya, kuring mah nunggal. Emh, hampura Enung Bapa.
Pisaminggueun rék kawinan, Kaka masih kénéh ka imah, sonona nataku pajar téh. Asa béda harita mah nempo Si Kaka téh, sorot socana katémbong hérang, liuh kacida. Teu ka Isola harita mah, ka Ciater waé nu rada deukeut ka imah, da ulah iinditan jauh-jauh pangantén mah melang ceuk kolot téa mah, manéhna neuteup bangun ku geugeut tuluy celengok téh manéhna nyium taar kuring, nyacapkeun kasono nu tan watesan, katempo bangun nyaahna. Leungeunna ngarawu leungeun kuring, dicekel pageuh, bangun embung dileupaskeun.
Kuring teu wasa basa maca aksara BANDUNG-KECELAKAAN BERUNTUN YANG MELIBATKAN LIMA UNIT MOBIL KEMBALI TERJADI DI TANJAKAN EMEN, DESA CICENANG, KECAMATAN JALAN CAGAK, KABUPATEN SUBANG. BERDASARKAN DATA YANG DIHIMPUN RADAR SUBANG, KECELAKAAN TERSEBUT TERJADI PUKUL 05.00 PAGI. TERCATAT DUA ORANG TEWAS DAN SEJUMLAH LAINNYA MENGALAMI LUKA AKIBAT KEJADIAN TERSEBUT. DIKETAHUI LIMA UNIT MOBIL TERSEBUT ADALAH ROMBONGAN PENGANTIN. Les, kapiuhan.
Teu, teu percaya kana koran éta kuring mah, aya, Kaka mah aya rék ngawin kuring. Kuring keukeuh hayang néang Kaka, Ditéang ka imahna, euweuh, nu aya kalah kulawargana anu keur tahlilan, teuing nahlilan saha, nu pasti kuring percaya, lain nahlilan Kaka, LAIN. Ditéang ka pangulinanana keukeuh teu kapanggih laratanana, ka Isola tempat urang silih cacapkeun kasono ogé suwung. Duh Kaka, mun harita kuring apal yén éta téh teuteup pamungkas anjeun, moal, moal bakal dileupaskeun tah leungeun anjeun nu nyekel pageuh téh, moal Ka, moal.
Kuring weléh teu bisa narima kanyataan, ku ema kuring sok dibabawa jalan-jalan, ngabangbrangkeun karingrang, pajar téh nu keur kakandungan mah ulah kakeunaan ku stres bising kalah karuron. Tapi geuning teu matih, najan dibawa ulin, jalan-jalan kaditu kadieu, ‘na tetempoan téh ngan Si Kaka deui Si Kaka deui, nempo daun kalapa nu oyag katebak angin gé asa nempo gupayna, gupay asihna. Nempo béntang nu tingkariceup asa nempo kiceupna, asa nempo imutna. Duh Kaka.
Teu karasa geus salapan bulan kuring kakandungan, Ema nu ngurus kuring saban poé, mindeng kuring gé nempo ema carinakdak, ngangres kituna mah ngurus budakna nu keur kakandungan bari jeung euweuh salakina, ngangres nempo kuring nu sakapeung ngalamun, sakapeung ceurik, sakapeung belenyéh imut bangun ku bungah, kiwari geus waktuna si utun kaluar, hirup di dunya barana teu dibaturan ku bapana. Duh ema, hampura kuring bet kalah ngawiwirang, pernah sakali mangsa kuring ngadéngé Ibu-ibu nu keur balanja di tukang sayur ngagogoréng ema, pajar téh cumah boga budak pinter, disakolakeun ka Bandung, ari balik ngadon melendung mah. Emh, hampura ema, hampura Enung.
Terahir kuring sadar téh harita basa dibawa ka rohangan bersalin, dibaturan ku Ema, didinya kuring aduregeng, bajoang ngaluarkeun Si Utun, tarohan nyawa. Kuring geus teu kuat nahan kanyeri basa Si Kaka nembongan, manéhna imut bari nyodorkeun leungeunna, ku kuring leungeunna dicekel pageuh, tuluy hudang ninggalkeun raga, ku Si Kaka kuring dituyun muru alam kalanggengan. Katempo Si Utun dikaluarkeun tina raga kuring, emh kasep budak urang téh Ka siga Kaka. Ema ceurik barang mangku Si Utun bari ngagaléntoran raga kuring nu geus pisah jeung jiwana. Pileuleuyan ema, tong melang komo deui hariwang, kiwari kuring geus ngahiji jeung Si Kaka, hirup paduduaan di alam kalanggengan di taman nu éndahna leuwih ti taman Isola. Bagja.
***
Aya awewe nu keur paduduaan jeung lalaki di taman Isola, maranéhna silih teuteup bangun ku geugeut. Celengok téh Si Lalakina nyium taar awewena, nyacapkeun kasono nu tan watesan, katempo bangun nyaahna. Ti kajauhan kuring jeung si kaka imut.
.jpg)
1 masukan:
Wah,behna mah resep kana carpon oge.... Sae, teraskeun karancagean teh. Ke Akang ngiringan, tos lami pisan puguh ge tara tulas-tulis. Jadi ngahudang sumanget ;)
Posting Komentar